ADVERTISEMENT

SoearaRakjat.com Media Rakyat Indonesia

Search This Blog

Google+ Badge

Powered by Blogger.

ADVERTISEMENT

Popular Post

Berita Populer

Populer

Pencak, Seni Beladiri Buhun Warisan Karuhun, Jawara-Jawara Silat Jawa Barat

On November 18, 2016 with No comments

Sejarah pencak silat di jawa barat

Soeara Rakjat, Jawa Barat. Silat, Pencak Silat, atanapi Pencak mun cek urang Jawa Barat, mangrupi salah sahiji seni beladiri asli Indonesia. Kusus urang Sunda, salain Pencak oge sering nyebatna teh ulin (permainan : bhs Indonesia). Di Tatar Sunda khususna, seueur pisan paguron-paguron silat nu mangrupikeun warisan karuhun jeung jawara-jawara Sunda buhun nu geus kaceluk ka awaun-awun kawentar ka janapriya.

Baheula mangsana jaman penjajahan Walanda jeung Jepang, ieu paguron-paguron silat teh mineung jadi bebentengna rahayat Indonesia di Jawa Barat ti kamurkaan bangsa deungeun. Kahebatan jawara Sunda teh tos kabeja ka unggal nagara, malah cek beja nu beunang dipercaya mah Si Pitung oge nu pituin jawara Betawi eta teh diajar silatna ku jawara Sunda nu ngagem ulin Cimande.

Silat Cimande, memang eta salah sahiji ulin buhun nu pang kahotna di Tatar Sunda. Kiwari, ulin Cimande teh cenah mah geus kabagi dina sababaraha ratus kembang termasuk nu dikembangkeun ku Si Pitung di wewengkon Betawi. Sakawitna Cimande teh aya tilu kembang nyaeta Sera atawa aliran Monyet, Pamacan nyaeta aliran Maung, jeung Trumbu alias tarung iteuk (pertempuran tongkat). Silat Cimande ieu dipupuhuan ku Mbah Kahir dina tungtung tahun 1700.

Salain Cimande, aya deui nyaeta Silat Sabandar nu aslina mah ti Pagaruyung, Sumatera. Di Pagaruyung oge memang seueur jago-jago silat nu kahot, pan Tuanku Imam Bondjol salah sahiji pahlawan nasional oge aslina teh ti Pagaruyung. Bisana disebut Sabandar, kusabab eta aliran silat ti Pagaruyung teh dikembangkeun di Kampung Sabandar, Karang Tengah, Cianjur.

Masih di wewengkon Cianjur, aya deui Silat Cikalong. Ieu aliran Silat Cikalong dipupuhuan ku Haji Ibrahim atawa Raden Jaya Perbata, nu tilar dunya taun 1908. Aliran Silat Cikalong geus nyebar ka sakumna wewengkon Sunda di Jawa Barat. Silat ieu oge sering disebutna teh Ulin Maen Po Cikalong, jurus-jurus silat Cikalong oge geus disaluyukeun (diadopsi dan diadaptasi) ku sababaraha paguron silat Sunda sapertos Pusaka Siliwangi, Paguron Silat Panglipur jeung sajabana.

Mangsa kiwari, seueur oge jawara-jawara Sunda nu ngadegkeun paguron-paguron silat, sapertos Pak Ujang Jayadiman nu dina taun 1982 ngadegkeun Paguron Silat Riksa Budi Kiwari, di Bandung. Sanajan kaasup paguron nu anyar, tapi ieu paguron teh geus hasil nyiptakeun jago-jago silat anu berprestasi nepi ka tingkat internasional komo deui tingkat nasional mah.

Nyaritakeun para jawara jeung paguron silat nu aya di Tatar Sunda mah moal angeus tujuh poe tujuh peuting oge, kusabab loba pisan para jawara jeung jago silatna. Apanan carita Brama Kumbara jeung Si Rawing teh nyaritakeun para jawara ti Tatar Sunda. Sanajan eta carita rekaan tapi pasti aya benerna oge, da moal aya catur mun tampa bukur.

Kahebatan para karuhun jeung jawara Sunda teh geus kabuktikeun dina mangsa jaman Pajajaran atawa Karajaan Sunda. Pajajaran teh hiji-hijina Karajaan di pulo Jawa anu teu bisa dielehkeun atawa ditalukeun ku Majapahit baheula. Matak oge, moal aya ngaran jalan Hayam Wuruk jeung Gajah Mada di puseur dayeuh Jawa Barat sapertos Bandung, Bogor jeung kota-kota nu sejena.
Jawa Barat salaku bumi Siliwangi, memang beunghar pisan ku jawara jeung paguron-paguron silat nu jurus-jurusna matak pikareueuseun kana manah dulur salembur, tapi matak seber kana hate bangsa deungun. Pan urang Sunda mah ngabogaan Sima Aing Sima Maung tea, eta sima teh minangka warisan ti karuhun-karuhun urang teuteureuh Hyang Prabu Siliwangi mangsa baheula. BDLV/TM
Next
« Prev Post
Previous
Next Post »