ADVERTISEMENT

SoearaRakjat.com Media Rakyat Indonesia

Search This Blog

Powered by Blogger.

ADVERTISEMENT

Popular Post

Berita Populer

Populer

Dongeng Sunda Wa Kepoh, Carita Sunda Nu Dipikameumeut Ku Sakumna Rahayat Jawa Barat

On October 31, 2016 with No comments

Wa kepoh dongeng sunda si rawing

Soeara Rakjat, Dina mangsa taun 1980 nepi ka taun 1990, saha nu teu apal ka salah sahiji juru dongeng kahot ti Tatar Sunda, Ahmad Sutisna atawa nu leuwih kasohor Wa Kepoh. Wa Kepoh, anjeuna mangrupi salah sahiji juru dongeng nu paling dipikameumeut ku sakumna urang Sunda diantawis juru dongeng nu sanesna sapertos Mang Jaya, Mang Barna, Ki Leuksa, Jamar Media, Abah Selud jeung nu sejena.

Salah sahiji carita nu dibedar ku Wa Kepoh nu ku simkuring masih dipiemut nyaeta carita Si Rawing. Si Rawing mangrupi carita rekaan saderek Yayat R, nu nyaritakeun salah sahiji jawara Sunda nu adi luhung tapi rada aneh sareng teu ilahar jeung batur. Boh ucapan, boh tingkah sareng paripolah, Si Rawing teh memang rada mahiwal ti ilaharna, tapi tetep Si Rawing teh mangrupi jawara nu handap asor teu adigung komo deui jahat ka batur.

Basa harita, Dongeng Sunda salah sahijina dongeng Wa Kepoh mangrupikeun hiburan anu paling dipikaresep ku masyarakat khususna di Jawa Barat. Naon sababna, sababna mangsa harita mah can pati rame aya TV kawas kiwari. Basa simkuring alit keneh, persisna antara 1985 nepi ka warsih 1990, seueurna urang lembur mah gaduhna Radio eta oge gelombangna masih AM keneh.

Ari Si Rawing teh nyaeta muridna Ki Debleng, jago kolot nu tos kahot, luhur ku elmu panemu sareng jampe pamake tur sugih ku pangarti. Boh Si Rawing komo deui Guruna Ki Debleng, duanana oge gaduh sipat nu rada aneh jeung teu ilahar siga batur. Kusabab Si Rawing mah pituin Sunda asli, mantak kadaharan nu dipikaresep ku Si Rawing mah nyaeta pais belut, karedok lunca, kulub Hui jeung sangu liwet.

Ngarana oge jawara nu bebela kana kahadean, nya tos pasti Si Rawing teh bakal dimusuhan ku jawara-jawara nu ngagem elmu-elmu kadugalan, mun cara kiwari mah disebatna teh ti golongan golek beureum. Saha wae musuhna Si Rawing teh ? Ki Rembong, Banteng Wulung, Ki Buyut Ireng, Komara Si Dewa Asmara jeung jago-jago kahot nu tos kasohor ngagaduhan elmu-elmu kawedukan jeung kadugalan bangsaning elmu Weduk Parung, Cigondewa, Cikengkengan, Cimande, Brajamusti, Tajimalela, jeung Sapu Angin, mun cek Ki Balap Bogor tea mah.

Lian ti eta, aya deui musuh Si Rawing nu ngagem mangrupi elmu panemu jampe pamake nu kawilang aheng, nyaeta Si Gempar. Eta musuh-musuh Si Rawing teh tos kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria, kawentar ka mancanagara. Jawara-jawara musuhna Si Rawing teh jalmina kasar-kasar jeung garihal. Kabehana oge tos kasohor jadi tukang bobok, tukang tarok, jeung sok nyingkab-nyingkabkeun anderok.

Tapi angger da ari jelma jahat mah elehna teh ku jalma bener anu bela pati rek seba diri ka jalan lempeng gagaduhan gusti illahi robbi. Sanajan wewesen Ki Rembong, Komara, Banteng Wulung, komo deui Si Gempar jeung Buyut Ireng nu geus dina tahapan sampurna, tapi kabeh oge tetep eleh jajaten ku Si Rawing mah. Kusabab Si Rawing mah aya dina jalan kahadean resep nulung ka nu butuh sok nalangan ka nu susah, kumargi kitu, Si Rawing salawasna ditangtayungan ku gusti anu maha suci, Allah robbul izzati.

Mangsa harita, Si Rawing teh mangrupi tokoh idola nu dipimeumeut jeung dipiemut ku sakumna warga masyarakat Jawa Barat boh di lembur boh di kotana. Komo harita mah kaayaan lembur urang teh masih nyunda pisan, teu kawas cara kiwari nu loba pisan gogoda jeung cocoba nu mantak ngaruntagkeun identitas Kasundaan urang.

Nu mantak, Dongeng Sunda jeung sandiwara radio sapertos Saur Sepuh atanapi Brama Kumbara, Misteri Dari Gunung Merapi, Nini Pelet sareng sajabina, eta teh nu biasa dikuping dangukeun ku kolot-kolot urang nya kaasup ku urang-urang oge. Mangsa harita, mangsa masih keneh tiis ceuli herang panon, mangsa rahayat Indonesia can wanoh kana sipat silih surung jongklokeun jeung dulur komo deui ka batur.

Tah dulur, Wa Kepoh atanapi Ahmad Sutisna teh tos mihapekeun ka sakabeh urang Sunda salah sahiji jimat nu kalintang saena jeung pohara luhurna nyaeta Dongeng Sunda. Sanaos ayeuna tos aya Sinetron jeung tayangan infotainment, omat tong mopohokeun ka Dongeng Sunda nu mangrupikeun jimat jeung karamat kanggo urang. Urang teh kudu bisa ngamumule jeung miheman ka eta warisan.

Wa Kepoh, anjeuna tos ningalkeun urang sababaraha waktu ka tukang. Uwa tos mulih ka jati mulang ka asal dina poe Sabtu kaping 28, sasih 12, tahun 2013. Anjeuna pituin kalahiran Bandung, 15 Januari 1951. Anjeuna dikurebkeun di Tempat Pemakaman Umum Cikutra, Bandung, Minggu, 29 Desember 2013.
Dulur, kumargi kitu, hayu urang teh ngamumule budaya urang nu mangrupikeun budaya buhun, budaya luhur ti kolot-kolot urang. Keun bae jaman kiwari seueur budaya deungeun oge, tapi urang mah kudu bisa mempertahankeun budaya nu tos diwariskeun ka urang salah sahijina Dongeng Sunda. BDLV/TM
Next
« Prev Post
Previous
Next Post »